Alumni ponpes روضة الهدا purabaya kab:Smi, dan المعهد الاسلاميه kota sukabumi

Rabu, 05 Agustus 2026

KRISIS GAK PUNYA RASA MALU

KRISIS TEUBOGA RASA KAERA KUALLAH SWT.

Rasa Era eta nyerminkn kana norma sosial oge moral islam, baik dina hubungan jeng allah oge hubungan jeng sasama jalma, 
Negri urang sanes negri miskin kusumber daya, Allah swt ngalimpahkn leuweung,laut,tambang jeng jalma2 anu cerdas,
Tapi kacida ironi, kajadian dina limpahan nimat, mingkin nyebar pagawean ngalanggar syariat, dosa jeng masiat,judi online, korupsi mingkin canggih, zinah jadi tontonan,aurot jadi hiburan, bohong dipromosikn atas nama strategi, rasa era anu baheula jadi benteng moral bangsa ayeuna lengit dihadapan allah oge manusia.
Rasa era kaasupkn sabagian ciri iman, oge rasa era mangrupakn sifat atawa perasaan anu ngabentengi tina ngalakukeun pagawean teu sopan.

ان الحياء والايمان قرنا جميعا، فااذارفع احدهما رفع الاخر.
 Saestuna rasa era jeng iman eta teras2 an babarengan,maka dimana diangkat sala sahijina maka diangkat anu sejena,
Tegresna nalika rasa era teu aya maka iman lengit, atanapi nalika iman lengit rasa era oge lengit anu akhirna ngahalalkn sagala cara.
Rosulullah negaskn dina hadts muliana,

الحياء شعبة من الايمان (رواه البخاري ومسلم)
Rasa Era eta kaasupkn tina cabang iman.

Maka dumasar eta dalil urang sadayana kedah gaduh rasa era, ulah dugika hirup loba betah kokojayan dina pamasiatan, malihan tos teupaduli kana halal haram
Allah swt midauh :
اعملوا ماشئتم انه بما تعملون بصير (سورة فصلت /٤٠)
 Pek gawe sakarep aranjen kabeh saestuna allah kana perkara anu milampah aranjen maha ningali.
Kuayana iyeu ayat,Allah sanes miwarang hirup manusa sangenahna kumaha karep, tapi justru manusia kudu boga rasa era kuallah sabab allah terus mencrong ningali kaurang sadayana dina sadaya rengkak saparipolah urang sadayana, berang rek peting nyumput naha rek nembrak.

Rasa era kuallah ngajadikn hiji jalma ngajauhan masiat, Rasa era kujalma matak numbuhkn Etika jeng Sopan santun.
Tapi nalika rasa era geus lengit tangtu milampah dosa jadi kabiasaan, kana Ibadah Wajib jeng Sunah loba ditinggal, Pamunkaran dijadikn hiburan, Ningalikn aurot tos jadi ilahar kabiasaan, Ngabohong jadi modal andelan, Judi jeng Korupsi dijadikn solusi, Leuweung digundulan, Gunung ditugaran, Tangkal kai dibabadan, Bumi dikorowotan, dina dagang wani ngurangan takeran jeng timbangan, Malahan wani ngeser-ngeser wates tanah anu lian, Eta kabeh demi kasarakahan,
Saupama eta kondisi tos nembrak maka tangtu lawang-lawang adzab adzab ditibankn kasakumna jalma,
Allah swt midauh dina surah Al-an’am ayat 44 :
فلما نسواما ذكروابه فتحنا عليهم ابواب كل شيئ حتى اذا فرحوا بما اوتوا اخذنهم بغتة فاذاهم مبلسون (سورة الانعام/٤٤)
Maka nalika maranehna mohokn peringatan anu ges dibikeun kamaranehan nana, 
Maka kami mukakn lawang-lawang kasenangan pikeun maranehan nana, sahingga bungah kuperkara anu tos dibikeun kamaranehan nana,
Allah nyiksa kamaranehan nana kalawan siksa anu ngagetkn, nepika maranehna ngarasa putus asa.








Tidak ada komentar:

Posting Komentar