Alumni ponpes روضة الهدا purabaya kab:Smi, dan المعهد الاسلاميه kota sukabumi

Kamis, 30 Juli 2026

NGAJAGA DIRI JEUNG KELUARGA TINA NARAKA

Ngajaga Diri Jeung Kulawarga Tina Seuneu Naraka

Hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan urang sadayana ka Allah SWT ku ngalaksanakeun sagala parentah-Na sareng ngajauhan sagala larangan-Na.

Dina Al-Qur'an Surah At-Tahrim ayat 6 Allah SWT ngadawuh :

«يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا قُوا أَنفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمْ نَارًا وَقُودُهَا النَّاسُ وَالْحِجَارَةُ عَلَيْهَا مَلَائِكَةٌ غِلَاظٌ شِدَادٌ لَّا يَعْصُونَ اللَّهَ مَا أَمَرَهُمْ وَيَفْعَلُونَ مَا يُؤْمَرُونَ»

"He jalma-jalma anu iman! Jaga diri aranjeun jeung kulawarga aranjeun tina seuneu naraka anu suluhna manusa jeung batu. Di luhurna aya malaikat-malaikat anu kasar jeung tegas, anu henteu kungsi ngalawan parentah Allah, sarta salawasna ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun."

Ayat ieu ngandung parentah anu kacida pentingna. Allah henteu ngan ukur maréntahkeun urang sangkan nyalametkeun diri sorangan, tapi ogé wajib usaha ngajaga kulawarga tina jalan anu nyababkeun asup ka naraka.

Sayyidina Ali radhiyallahu 'anhu
Negaskeun,

عَلِّمُوا أَنْفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمُ الْخَيْرَ، وَأَدِّبُوهُمْ

"Ajarkeun kahadéan ka diri maranéh jeung kulawarga maranéh, sarta didik maranéhna."

Oge numutken tafsir Ibnu Abbas radhiyallahu 'anhuma, 

اعْمَلُوا بِطَاعَةِ اللَّهِ، وَاتَّقُوا مَعَاصِيَ اللَّهِ، وَأْمُرُوا أَهْلِيكُمْ بِالذِّكْرِ، يَنْجِيكُمُ اللَّهُ مِنَ النَّارِ.
"Laksanakeun taat ka Allah, jauhan maksiat ka Allah, sarta parentahkeun kulawarga aranjeun kana dzikir (taat ka Allah), tangtu Allah bakal nyalametkeun aranjeun tina naraka."

Iye nasehat ibnu abbas negaskeun yeun kedah ngajarken kakeluwarga kana ta'at ka Allah, didik maranéhna kana kahadéan, cegah tina maksiat, sarta parentahkeun maranéhna ngalaksanakeun ibadah.

Ku kituna, hiji bapa lain ngan ukur boga tanggung jawab néangan nafkah, tapi ogé wajib ngadidik akhlak, ngajarkeun shalat, ngaji Al-Qur'an, ngajarkeun aqidah anu leres, jeung méré conto amal shaleh.

Kitu deui indung miboga kalungguhan anu mulya dina ngadidik barudak sangkan jadi jalma anu iman jeung taqwa. Lamun kolot ukur mikiran kabutuhan dunya tapi mopohokeun agama anak-anakna, éta can ngalaksanakeun amanah sakumaha anu diparéntahkeun ku Allah.

Kangjeng rosul negaskn dina sanggeumna :

كُلُّكُمْ رَاعٍ، وَكُلُّكُمْ مَسْئُولٌ عَنْ رَعِيَّتِهِ
"Sadayana aranjeun téh pamingpin (anu boga tanggung jawab), jeung unggal-unggal aranjeun bakal dipénta tanggung jawab kana jalma-jalma anu dipingpinna."

Dina ahir ayat, Allah ngajelaskeun yén naraka dijaga ku malaikat anu galak tur kuat. Aranjeunna moal boga rasa karunya ka jalma anu kafir jeung ahli maksiat, sabab maranéhna salawasna nurut kana parentah Allah. 
Ieu janten pangéling-ngéling sangkan urang henteu ngarasa aman tina siksa Allah.

Ku sabab éta, hayu urang ngamimitian ti kulawarga sorangan. 
Biasakeun shalat berjamaah, maca Al-Qur'an, ngajauhan maksiat, ngajaga lisan, ngajarkeun adab Islam, sarta silih élingan dina kahadéan, esian majlis elmu anu saminggu sakali, sili elingan jeng papada keluarga, dulur, tatangga oge dengeun dengeun.

Mugia Allah SWT ngajadikeun urang jeung kulawarga urang kaasup golongan anu salamet tina siksa naraka, dipaparin istiqamah dina agama, sarta dikumpulkeun di surgana allah swt, Aamiin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar